Ku Taufik Rahayu
Nu geulis sok jadi werejit, nu lenjang sok jadi baruang. Teu salah kekecapan karuhun urang saperti kitu téh. Ari kangaranan werejit atawa baruang, lain waé mawa bahla ka nu lain, tapi mun kurang-kurang mawas mah deuih sok kalah ngakalakeun diri sorangan.
Di hiji lembur nu katelah lembur Banjarsari, aya hiji jalma nu keur nandang gering alatan keuna ku supata sorangan. Éta jalma téh parawan kolot nu nelah Nyi Siwitri. Demi Nyi Sawitri, ti baheula mula teu weléh jadi catur bukur urang lembur. Puluh-puluh taun katukang kungsi kacaturkeun jadi béntang lembur nu kageulisanana jadi sabiwir hiji.
Kabéhdieunakeun, nu jadi catur téh lain waé kageulisanana, tapi ku tampikanana ka unggal jalma. Teu dijajaka teu diduda, kabéh euweuh nu bisa nalukeun haté Nyi Sawitri. Nu beunghar nu nanjung, aya waé nu kacawadna.
Tungtungna manéhna nepi ka kapopohoan, yén rupa téh moal salawasna lana. Nu hirup keuna ku waktuna kolot, panyakit, jeung sajabana. Jeung deuih ari rupa ditangtungan awéwé, gampang pisan robahna, séjén jeung dikeukeureutan lalaki.
Sababaraha taun ti harita Nya Sawitri katelah mojang tampikan, nepi ka umurna nu leuwih ti 30 taun can kénéh diparengkeun laki-rabi. Indung bapana kurang kumaha narékahan sangkan Nyi Sawitri léah haténa geura ngawangun rumah tangga, tapi bubuhan ka anak hiji-hijina, indung jeung bapa téh sok éléh waé ku nu jadi anak. Bongan maranéhna kénéh ngogo ti bubudak, tara diwarah ti leuleutik, geus gedé ngarasa kangeunahan.
Nincak umur nu maju ka opat puluh taun, kakarék Nyi Sawitri eungeuh. Rék nepi ka iraha hirup sosoranganan? Indung bapa geus maju ka kakolot, rék saha deui nu mupujuhkeun manéhna mun indung bapa euweuh? Tapi abong adat geus kakurung ku iga, Nyi Sawitri keukeuh hayang meunangkeun bujang, aya sababaraha urang duda nu ngahéroan, can nanaon gé geus jebras-jebris mantén.
Sakali mangsa mah aya Agan beunghar nu rék sadia ngawin Nyi Sawitri, ngan cenah rék dicandung. Demi Nyi Sawitri ngadéngé rék dicandung, tuluy jebras-jebris, “Kawin ka duda waé geus najis, komo ieu kudu dicandung ku aki-aki! Teu sudi aing mah, mending kénéh teu kawin-kawin!” Atuh nu rék mileuleuheungkeun ogé sawios bedo cenah, dina enyana ogé boga pamajikan, keur naon geulis ogé ari goréng adat jeung haté mah.
Ari kiwari, Nyi Sawitri téh geus sakitu dikakolotananana bari angger lalagasan. Indung bapa geus teu boga, salaki jeung anak mah geus puguh taya tapak-tapakna acan. Ari kangaranan maju ka kolot, geus lumrah jalma mah sok balik deui ka budak, kudu aya nu ngurus kudu aya nu mupujuhkeun jeung nalingakeun, ari Nyi Sawitri?
Enya éta ogé aya dulur-dulurna. Boh dulur ti bapa boh dulur ti indung, tapi da ari kangaranan dulur mah teu béda jeung deungeun-deungeun, komo lamun urang kurang hadé ti anggalna. Apan sok jadi kacapangan dulur jadi batur batur jadi dulur. Aya ogé nu sok mapandékeun lamun dulur miskin sok kalah jadi batur, sabalikna mun batur beunghar sok jadi dulur. Komo ieu Nyi Sawitri mah boga dulur ogé dulur jauh wungkul, lain dulur sagetih –da anak ngan hiji-hijina.
Ari ngandelkeun harta. Nyi Sawitri teu bisa majar kumaha, sok sanajan basa aya kénéh indung bapana mah lubak-libuk, tapi sabada yatim piatu mah saha nu ngarahna? Pakaya nu aya nungtutan ludes dipaké hirup sapopoé. Kangaranan pakaya nu aya dipaké bari teu digolangkeun, tangtu ninggang dibéak.
Nyi Sawitri kiwari maju ka geringan. Ari nu kemit sok tara aya da kalah sarieuneun. Bororaah tatanggana, apan dulur-dulurna ogé kalah api lain. Panyakitna Nyi Sawitri teu puguh kunaon-naonna. Dokter jeung dukun sapamadegan yén éta mah panyakit kolot, lumbrah sagala karasa. Kabéh dieunakeun Nyi Sawitri bet siga nu siwah, mideng huleng jentul bari seuseurian sorangan.
Siwahna Nyi Sawitri beuki katara, sok kadéngéna humarurung bari nyebut-nyebut ‘siit’ ngaharib-harib rarangan lalaki. Ngan ari tatangga jeung urang lembur mah yakin lain sagélo-gélona, tapi gélo lantaran teu kawin-kawin jeung kacampuran panyakit jurig.
“Siiittt ... Siiittt ... Siiittt ...” Méh unggal peuting urang lembur teu weléh ngadéngé nu ngelak humarurung saperti kitu. Ngelakna téh sok parat nepi ka wanci tengah peuting. Urang lembur geus asa diririwaan ku jalma hirup. Tara kadarugaeun ngulampreng ka luar ti peuting.
Mimitina, sora Nyi Sawitri nu nyebut-nyebut siit téh ngan kadéngéna kalan-kalan, tapi beuki dieu mah ngelakna saban peuting. Teu kitu wungkul, saterusna deuih kadéngé mapay ka unggal imah. Ari nu biasa didatanganana téh imah nu aya mojang jeung jajakaan nu geus cukup sagalana pikeun laki-rabi. Mun pareng aya nu siit-siitan lalaki mah sok gancang nyekelan ‘bobogaanana’, da cenah bisi teu kanyahoan dirontok ku nu ngelak, kitu ogé awéwé sok tuluy babacaan sabisa-bisa da sieun kaancikan atawa katepaan jomblo saumur-umur.
Sakali mangsa mah kungsi aya nu sué ngadon paamprok di tengah jalan peuting-peuting jeung nu siit-siitan. Na, da éta mah cenah, inyana teh ngayek-yek ngiihan manéh. Rék lumpat teu bisa, rék ngajerit pon kitu deui. Nu siit-siitan téh geus teu mangrupa jelema. Awak rangkébong tulang wungkul, buuk bodas ruwag-rewig, panon bolotot jeung ompong. Kitu ogé papakéanana geus teu matut. Teu bisa kukumaha ningalina ogé, sadar-sadar téh isuk-isuk waé geus pada ngarejengan, bari cenah éta lalaki nu sué téh tuluy boga panyakit burut.
Ti saprak kajadian harita, mun peuting téh di lembur teu pati teuing kadéngé nu siit-siitan, ngan kadéngé hawar-hawar waé ti kajauhan. Dipapantesna téh meureun mapay-mapay lembur séjén. Pikeun muguhkeun bebeneranana, tuluy ditéang ka imah Nyi Sawitri, bener waé teu kasampak. Urang lembur aya atohna ku euweuhna Nyi Sawitri téh, bubuhan jalma siwah. Dina ayana ogé kalah nyusahkeun jeung pikasieuneun. Tapi loba ogé nu mangkarunyakeun ku nanasiban nu tumiba ka Nyi Sawitri.
Nyi Sawitri, wanoja nu kungsi jadi béntang lembur jeung pada marebutkeun, bet tuluy siwah bari teu puguh hirup jeung henteuna. Nepi ka kiwari éta jasadna Nyi Sawitri teu kapanggih laratanana. Ngan mindeng pabéja-béja yén dina wanci-wanci anu tangtu sok kadéngé sora siit-siitan.
Nu ngadéngé éta sora sok mapatkeun parancah, “Hus hus ... nyingkah siah, aing mah da enggeus (atawa arék) laki-rabi!” Kapercayaan urang Cisompét di Pakidulan Garut mah, lamun aya awéwé parawan kolot maot, sok tuluy jadi siit. Siit téh sato leutik kawas jangkrik. Siit, ceuk dongéng urang éta lembur mah, sato nu kaancikan jurig. Bisa mancalaputra-mancalaputri jadi jajaka gagah atawa wanoja geulis, tuluy ngagoda ka jalma-jalma ipis iman nu liar ti peuting.***
Bandung, Maret 2014
*Midang dina majalah Mangle No. 2471 edisi April 2014
RSS Feed
Twitter
21.42
Suara Sastra
Posted in
0 comments:
Posting Komentar